KATINEUNG
Ku: Dhen Minor
Girimis nu jadi saksi
Lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngalepas kasono ati
Ngaleupas katineung asih
Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut jangji rek ngahiji
Hanjakal henteu ngajadi
Jodo mah kagungan gusti.
Chorus:
Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
Kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Ngan hanjakal saukur kalangkang
Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Tapak tilas lalampahan
Urang duaan masih narembongan
Share